29 September 2009

Digadékeun


Ku Jaka Gumbira
          Rebun-rebun kénéh, Si Nining, pamajikan kuring, geus gujrud. Datangna bari rawah-riwih. Kuring nu kakara hudang, puguh baé kagét.
“Aya naon ieu téh?” cékéng téh, bari diharudum kénéh sarung.
“Cilaka, Kang. Imah Si Abah kabongkaran!”
“Kabongkaran?”
“Enya, bieu téh Si Abah gujrud!”
“Naon cenah nu leungit?”
“Televisi, Kang. Nu berwarna téa. Pinter cenah bangsatna gé, da mani demit naker. Panto euweuh nu rujad, jandela euweuh nu ruksak. Karunya wé, Si Abah nepi ka ngahuleng baé. Lebar tayohna téh!”
“Geus lah, montong geruh!” ceuk kuring, bari nitah diuk ka pamajikan.
“Tong geruh kumaha. Piraku Si Abah meunang musibah, urang cicing baé?”
“Déngékeun heula lalakonna. Televisi téh lain ku bangsat, tapi dibawa ku Akang!”
“Baruk? Naha bet bisa kitu?”
“Tangtu baé bisa mah. Kieu lalakonna téh. Apan urang téh butuh duit keur sakola Si Ujang, lin? Tah ku lantaran urang mah teu boga duit, nya Akang téh ngumaha ka kolot Nyai. Pédah wé Akang nyaho pisan, Si Abah anyar kénéh tas ngajual sapi. Ngan lantaran Si Abah teu méré, kituna téh bari rada nyarékan, kapaksa Akang maké cara kasar?”
“Teungteuingeun Akang mah. Doraka geura!”
“His da ieu mah kapoékan ngaranna, bonganna atuh Si Abah teu méré nginjeum. Coba lamun béréhan ka Akang. Geus ayeuna mah jempling wéh. Engké mun boga milik, televisi téh urang gantian deui!”
“Asa teu kaharti!”
“Kudu kaharti, da ieu mah hubunganana jeung pangabutuh,”
“Terus rék kumahakeun éta televisi téh?”
“Ayeuna ku Akang rek dibawa ka pakgadé!”
“Rék digadékeun!”
“Enya,”
“Teu rido Nyai mah!”
“His, kudu rido, da ieu mah keur kapentingan anak urang. Ambéh budak jadi pinter, jadi jelema jeneng, henteu bodo kawas Akang!”
“Gandéng, ah. Jung baé rék digadékeun mah. Ngan mun kapanggih, ulah mamawa ka Nyai!”
“Moal atuh. Ieu mah tanggung jawab Akang. Geus kagok atuda, lamun dibikeun deui ka Si Abah, sarua jeung ngawiwirang sorangan!”
*
Isuk kénéh ogé geus ramé di pakgade téh. Mani geus heurin usik. Ongkoh kaparengan aya lélang deuih. Da aya béwarana, ngajeblag dina panto.
Kuring ngécagkeun televisi. Luak-lieuk heula, bisa aya nu wawuh. Sanggeus rada aman mah, buru-buru wé asup ka jero. Teu ku hanteu deui, maké jeung hayang nenjo heula barang nu keur dilelang. Mani rupa-rupa, ti mimiti papakéan, radio, télévisi, jeung sajabana.
“Tah, ieu simbut téh super haneut. Ayeuna bade dilélang. Mangga urang kawitan!” cék nu ngalélang.
“Lima puluh rebu!”
Cung aya awéwé ngacung.
“Saha nu badé ngalangkungan?”
“Genep puluh rébu!” ceuk awéwé nu diuk di juru.
“Tujuh puluh rébu!” ceuk nu séjénna.
“Aya kénéh nu sanésna?”
Aya nu ngacung ti lawang panto.
“Abdi sajuta, Pa!”
Puguh baé atuh, nu séjénna kerung. Asa teu kaharti, naha ngaleuwihanana mani gedé-gedé teuing. Bakating loba duit kitu? Tapi basa dirérét deui, nu bieu ngomong téh geus euweuh. Teuing ka mana inditna.
“Euh ari taeun téh, sok ngaheureuyan!”
Basa nenjo radio anu rék dilélang, kuring rada curinghak. Asa kaingetan, di imah téh tiiseun pisan, euweuh radio-radio acan. Gancang baé dideukeutan.
“Saratus rébu!” ceuk nu ngalélang. Tapi euweuh baé nu ngacung. Kawasna mah, nu aya di dinya téh teu butuheun ari radio mah. Cung bae kuring ngacung.
“Abdi, Pa!”
“Bapa wantun saratus rébu, moal aya nu ngalangkungan!”
Euweuh nu nembalan.
“Mangga atuh, Pa!”
“Hatur nuhun!” bari nampanan radio. Tapi basa rugup-ragap kana saku, da sidik euweuh duit sapésér-pésér acan. Kakara inget, apan kuring téh teu mawa pisan duit.
“Tapi artosna mah teu acan aya, Pa. Abdi badé ngagadékeun heula televisi,” ceuk kuring bari ngaléos. Rada éra puguh ogé.
Terus baé nepungan nu sok naksir barang. Rada ngagebeg, basa disidik-sidik, anu digawena téh babaturan kuring pisan. Enya, babaturan keur sakola.
“Diran!” ceuk kuring. Nu digeroan ngalieuk. Sajongjongan mah nelek-nelek heula.
“Aéh, Ahmad geuning. Rék naon ulin ka dieu!”
“Rék naon deui atuh, ari lain butuh duit mah!” ceuk kuring bari ngadeukeutan.
“Rék ngagadékeun?”
“Enya, ieu boga televisi. Butuh keur sakola budak puguh gé. Geus lila digawé di dieu?”
“Kakara gé sataun!”
“Kumaha ieu téh prosesna, da kuring mah can apal!”
“Can kungsi kitu ulin ka dieu?”
“Ah, rék naon, da kuring mah tara guda-gade, ieu ogé awahing kapaksa!”
“Babari atuh. Tinggal bawa barangna ka dieu, naon anu rék digadékeun téh?”
“Enya televisi,”
“Engké ku kuring barangna di taksir, sabaraha pantesna,”
“Euh, jadi kudu dibawa ka dieu, nya. Kumaha lamun nu digadékeunana sawah, naha sawahna kudu dibawa ka dieu?”
“Geus lah, montong heureuy. Mana barangna?”
“Tah, ieu!” ceuk kuring bari nembongkeun televisi. “Ari kahayang mah, bisa nepi ka sapuluh juta. Sugan wé tina ngagadekeun televisi bisa kabeuli motor,”
“Moal bisa atuh. Ieu mah paling oge 200 rebu!”
“Har, naha murah-murah teuing?”
“Enya, da televisi 14 in bari euweuh rémotan mah, sakitu pasaranana,”
“Kudu sakitu baé?”
“Enya,”
“Keun baé atuh. Kumaha lamun engké henteu katebus?”
“Tah, lamun teu katebus opat bulan, engké ku kuring dibéjaan heula, saméméh datang waktuna lélang,”
“Kieu wé kuring mah. Pék éta televisi rawatan, ka dieu ménta duit 400 rebu. Kuring mah moal datang deui ka dieu,”
“Har, atuh lain gé digadékeun. Dijual meureun éta mah. Geus lah, 200 rébu wéh. Kumaha engké wé urusanana mah, kawas lain jeung babaturan,”
“Kitu hadé atuh!”
Geus créng dibayar mah, kuring gagancangan balik, bari teu poho luak-lieuk bisa aya nu wawuh.
*
Geus saminggu televisi téh ngendong di pakgadé. Kuring jeung pamajikan henteu geruh. Malah apan Nining mah diomat-omatan, lamun betus ka kolot, sarua jeung nyilakakeun salaki.
“Enya, Akang rumasa salah!” pok téh, dina wangkongan di hareupeun hawu, isuk-isuk. “Tapi da ieu mah keur mélaan anak kurang. Sakuduna, Si Abah téh nyaah pisan ka incu. Ayeuna kacaritakeun incu rék sakola, wajar wé atuh lamun milu ngabiayaan téh,”
“Sabaraha bulan, Kang, televisi téh digadékeunana?”
“Etah, montong tarik teuing atuh, kumaha lamun aya cakcak bodas. Opat bulan dina perjangjian mah. Lamun henteu katebus opat bulan, bakal dilélang!”
“Ulah ari dilélang mah, karunya ka Si Abah!”
“Moal, da Akang ogé rék usaha keur nebusna. Sugan we hutang ti Mang Oding buru-buru dibayar!”
Obrolan téh henteu kebat. Lantaran kadéngé sora nu dehem di pipir imah. Basa didédéngékeun, geuning sora Si Abah. Atuh rada ngaranjug ngadéngéna gé.
*
Kaparengan boga milik, télévisi téh katebus deui. Isukna, sabada nyokot televisi téa, kuring jeung Nining dicalukan ku Si Abah. Rada reuwas mimitina mah.
“Ka dieu minantu, Abah rék ngadongéng!” ceuk mitoha, bari ngelepus udud padudan. “Rada anéh Abah téh. Opat bulan katukang televisi Abah aya maling. Naha ari ayeuna geus aya deui dina méja. Teu kaharti!”
“Nu leres, Bah?” kuring api-api teu apal.
“Enya. Ngan anu matak kaget téh, dina televisi aya keretas anu make cap pakgadé. Sigana ku bangsat digadékeun, terus dipulangkeun deui!”
“Panginten,”
“Anu leuwih anéh, barang éta télévisi disetél, bet katémbongna bangsatna keur mawa televisi ka pakgadé. Basa disidik-sidik, geuning bangsatna téh bet siga …. manéh!” ceuk Si Abah bari nunjuk ka kuring. Gebeg téh, naha ti saha apaleunana? Pasti Nining anu bébéjana. Kasebelan pamajikan téh!
“Kamari Abah leungit sarung, pasti ku manéh digadékeun. Jung geura tebus!”
“Teu rumasa ari sarung mah, Bah!”
“Hayam Abah gé dipaling, nya?”
“His, ulah tadah-tuduh kitu, Bah. Kuring mah ngan nginjeum televisi wungkul. Bonganna basa Abah ngajual sapi, mani teu ngécrétan ka minantu!”
Keur kitu Si Ambu norojol ti dapur.
“Sarung mah dijual ku Ambu ka Pa Érté. Kamari téh teu boga keur mayar listrik!”
“Hih, lain bébéja atuh. Ari hayam?”
“Har, apan ku Abah dipeuncit. Abah deuih nu ngadaharna gé!”
Tilu poé ti harita, kuring geus dicalukan deui ku Si Abah. Ayeuna mah, paroman Si Abah katémbong siga nu ambek naker. Da éta, mani beureum euceuy lir beusi atah meuleum.
“Tadi téh dewek ka sawah landeuh. Rada kaget euy, naha bet aya Pa Érté keur macul di sawah Abah. Mun keur kuli, da henteu rumasa nitah. Naon urusanana deuih, mangmaculkeun sawah batur!”
“Teras kumaha, Bah?”
“Silaing deui baé geuning nu boga gawéna téh!” pokna bari muncereng.
“Muhun, Bah. Sawah téh digadékeun ka Pa Érté, keur nebus televisi téa!”
“Kasebelan. Cik atuh ka kolot téh, mani taya euih-euihna. Tapi da ayeuna mah geus ditebus deui ku Abah!”
“Étah, geuning?”
“Geus ayeuna mah, mun aya pangabutuh montong maling-maling tukangeun. Nyarita ka Abah, naon héséna!”
“Tuh, nya!” ceuk kuring bari ngarérét ka pamajikan. Pamajikan tibang jebi.***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar