29 September 2009

Digadékeun


Ku Jaka Gumbira
          Rebun-rebun kénéh, Si Nining, pamajikan kuring, geus gujrud. Datangna bari rawah-riwih. Kuring nu kakara hudang, puguh baé kagét.
“Aya naon ieu téh?” cékéng téh, bari diharudum kénéh sarung.
“Cilaka, Kang. Imah Si Abah kabongkaran!”
“Kabongkaran?”
“Enya, bieu téh Si Abah gujrud!”
“Naon cenah nu leungit?”
“Televisi, Kang. Nu berwarna téa. Pinter cenah bangsatna gé, da mani demit naker. Panto euweuh nu rujad, jandela euweuh nu ruksak. Karunya wé, Si Abah nepi ka ngahuleng baé. Lebar tayohna téh!”
“Geus lah, montong geruh!” ceuk kuring, bari nitah diuk ka pamajikan.
“Tong geruh kumaha. Piraku Si Abah meunang musibah, urang cicing baé?”
“Déngékeun heula lalakonna. Televisi téh lain ku bangsat, tapi dibawa ku Akang!”
“Baruk? Naha bet bisa kitu?”
“Tangtu baé bisa mah. Kieu lalakonna téh. Apan urang téh butuh duit keur sakola Si Ujang, lin? Tah ku lantaran urang mah teu boga duit, nya Akang téh ngumaha ka kolot Nyai. Pédah wé Akang nyaho pisan, Si Abah anyar kénéh tas ngajual sapi. Ngan lantaran Si Abah teu méré, kituna téh bari rada nyarékan, kapaksa Akang maké cara kasar?”
“Teungteuingeun Akang mah. Doraka geura!”
“His da ieu mah kapoékan ngaranna, bonganna atuh Si Abah teu méré nginjeum. Coba lamun béréhan ka Akang. Geus ayeuna mah jempling wéh. Engké mun boga milik, televisi téh urang gantian deui!”
“Asa teu kaharti!”
“Kudu kaharti, da ieu mah hubunganana jeung pangabutuh,”
“Terus rék kumahakeun éta televisi téh?”
“Ayeuna ku Akang rek dibawa ka pakgadé!”
“Rék digadékeun!”
“Enya,”
“Teu rido Nyai mah!”
“His, kudu rido, da ieu mah keur kapentingan anak urang. Ambéh budak jadi pinter, jadi jelema jeneng, henteu bodo kawas Akang!”
“Gandéng, ah. Jung baé rék digadékeun mah. Ngan mun kapanggih, ulah mamawa ka Nyai!”
“Moal atuh. Ieu mah tanggung jawab Akang. Geus kagok atuda, lamun dibikeun deui ka Si Abah, sarua jeung ngawiwirang sorangan!”
*
Isuk kénéh ogé geus ramé di pakgade téh. Mani geus heurin usik. Ongkoh kaparengan aya lélang deuih. Da aya béwarana, ngajeblag dina panto.
Kuring ngécagkeun televisi. Luak-lieuk heula, bisa aya nu wawuh. Sanggeus rada aman mah, buru-buru wé asup ka jero. Teu ku hanteu deui, maké jeung hayang nenjo heula barang nu keur dilelang. Mani rupa-rupa, ti mimiti papakéan, radio, télévisi, jeung sajabana.
“Tah, ieu simbut téh super haneut. Ayeuna bade dilélang. Mangga urang kawitan!” cék nu ngalélang.
“Lima puluh rebu!”
Cung aya awéwé ngacung.
“Saha nu badé ngalangkungan?”
“Genep puluh rébu!” ceuk awéwé nu diuk di juru.
“Tujuh puluh rébu!” ceuk nu séjénna.
“Aya kénéh nu sanésna?”
Aya nu ngacung ti lawang panto.
“Abdi sajuta, Pa!”
Puguh baé atuh, nu séjénna kerung. Asa teu kaharti, naha ngaleuwihanana mani gedé-gedé teuing. Bakating loba duit kitu? Tapi basa dirérét deui, nu bieu ngomong téh geus euweuh. Teuing ka mana inditna.
“Euh ari taeun téh, sok ngaheureuyan!”
Basa nenjo radio anu rék dilélang, kuring rada curinghak. Asa kaingetan, di imah téh tiiseun pisan, euweuh radio-radio acan. Gancang baé dideukeutan.
“Saratus rébu!” ceuk nu ngalélang. Tapi euweuh baé nu ngacung. Kawasna mah, nu aya di dinya téh teu butuheun ari radio mah. Cung bae kuring ngacung.
“Abdi, Pa!”
“Bapa wantun saratus rébu, moal aya nu ngalangkungan!”
Euweuh nu nembalan.
“Mangga atuh, Pa!”
“Hatur nuhun!” bari nampanan radio. Tapi basa rugup-ragap kana saku, da sidik euweuh duit sapésér-pésér acan. Kakara inget, apan kuring téh teu mawa pisan duit.
“Tapi artosna mah teu acan aya, Pa. Abdi badé ngagadékeun heula televisi,” ceuk kuring bari ngaléos. Rada éra puguh ogé.
Terus baé nepungan nu sok naksir barang. Rada ngagebeg, basa disidik-sidik, anu digawena téh babaturan kuring pisan. Enya, babaturan keur sakola.
“Diran!” ceuk kuring. Nu digeroan ngalieuk. Sajongjongan mah nelek-nelek heula.
“Aéh, Ahmad geuning. Rék naon ulin ka dieu!”
“Rék naon deui atuh, ari lain butuh duit mah!” ceuk kuring bari ngadeukeutan.
“Rék ngagadékeun?”
“Enya, ieu boga televisi. Butuh keur sakola budak puguh gé. Geus lila digawé di dieu?”
“Kakara gé sataun!”
“Kumaha ieu téh prosesna, da kuring mah can apal!”
“Can kungsi kitu ulin ka dieu?”
“Ah, rék naon, da kuring mah tara guda-gade, ieu ogé awahing kapaksa!”
“Babari atuh. Tinggal bawa barangna ka dieu, naon anu rék digadékeun téh?”
“Enya televisi,”
“Engké ku kuring barangna di taksir, sabaraha pantesna,”
“Euh, jadi kudu dibawa ka dieu, nya. Kumaha lamun nu digadékeunana sawah, naha sawahna kudu dibawa ka dieu?”
“Geus lah, montong heureuy. Mana barangna?”
“Tah, ieu!” ceuk kuring bari nembongkeun televisi. “Ari kahayang mah, bisa nepi ka sapuluh juta. Sugan wé tina ngagadekeun televisi bisa kabeuli motor,”
“Moal bisa atuh. Ieu mah paling oge 200 rebu!”
“Har, naha murah-murah teuing?”
“Enya, da televisi 14 in bari euweuh rémotan mah, sakitu pasaranana,”
“Kudu sakitu baé?”
“Enya,”
“Keun baé atuh. Kumaha lamun engké henteu katebus?”
“Tah, lamun teu katebus opat bulan, engké ku kuring dibéjaan heula, saméméh datang waktuna lélang,”
“Kieu wé kuring mah. Pék éta televisi rawatan, ka dieu ménta duit 400 rebu. Kuring mah moal datang deui ka dieu,”
“Har, atuh lain gé digadékeun. Dijual meureun éta mah. Geus lah, 200 rébu wéh. Kumaha engké wé urusanana mah, kawas lain jeung babaturan,”
“Kitu hadé atuh!”
Geus créng dibayar mah, kuring gagancangan balik, bari teu poho luak-lieuk bisa aya nu wawuh.
*
Geus saminggu televisi téh ngendong di pakgadé. Kuring jeung pamajikan henteu geruh. Malah apan Nining mah diomat-omatan, lamun betus ka kolot, sarua jeung nyilakakeun salaki.
“Enya, Akang rumasa salah!” pok téh, dina wangkongan di hareupeun hawu, isuk-isuk. “Tapi da ieu mah keur mélaan anak kurang. Sakuduna, Si Abah téh nyaah pisan ka incu. Ayeuna kacaritakeun incu rék sakola, wajar wé atuh lamun milu ngabiayaan téh,”
“Sabaraha bulan, Kang, televisi téh digadékeunana?”
“Etah, montong tarik teuing atuh, kumaha lamun aya cakcak bodas. Opat bulan dina perjangjian mah. Lamun henteu katebus opat bulan, bakal dilélang!”
“Ulah ari dilélang mah, karunya ka Si Abah!”
“Moal, da Akang ogé rék usaha keur nebusna. Sugan we hutang ti Mang Oding buru-buru dibayar!”
Obrolan téh henteu kebat. Lantaran kadéngé sora nu dehem di pipir imah. Basa didédéngékeun, geuning sora Si Abah. Atuh rada ngaranjug ngadéngéna gé.
*
Kaparengan boga milik, télévisi téh katebus deui. Isukna, sabada nyokot televisi téa, kuring jeung Nining dicalukan ku Si Abah. Rada reuwas mimitina mah.
“Ka dieu minantu, Abah rék ngadongéng!” ceuk mitoha, bari ngelepus udud padudan. “Rada anéh Abah téh. Opat bulan katukang televisi Abah aya maling. Naha ari ayeuna geus aya deui dina méja. Teu kaharti!”
“Nu leres, Bah?” kuring api-api teu apal.
“Enya. Ngan anu matak kaget téh, dina televisi aya keretas anu make cap pakgadé. Sigana ku bangsat digadékeun, terus dipulangkeun deui!”
“Panginten,”
“Anu leuwih anéh, barang éta télévisi disetél, bet katémbongna bangsatna keur mawa televisi ka pakgadé. Basa disidik-sidik, geuning bangsatna téh bet siga …. manéh!” ceuk Si Abah bari nunjuk ka kuring. Gebeg téh, naha ti saha apaleunana? Pasti Nining anu bébéjana. Kasebelan pamajikan téh!
“Kamari Abah leungit sarung, pasti ku manéh digadékeun. Jung geura tebus!”
“Teu rumasa ari sarung mah, Bah!”
“Hayam Abah gé dipaling, nya?”
“His, ulah tadah-tuduh kitu, Bah. Kuring mah ngan nginjeum televisi wungkul. Bonganna basa Abah ngajual sapi, mani teu ngécrétan ka minantu!”
Keur kitu Si Ambu norojol ti dapur.
“Sarung mah dijual ku Ambu ka Pa Érté. Kamari téh teu boga keur mayar listrik!”
“Hih, lain bébéja atuh. Ari hayam?”
“Har, apan ku Abah dipeuncit. Abah deuih nu ngadaharna gé!”
Tilu poé ti harita, kuring geus dicalukan deui ku Si Abah. Ayeuna mah, paroman Si Abah katémbong siga nu ambek naker. Da éta, mani beureum euceuy lir beusi atah meuleum.
“Tadi téh dewek ka sawah landeuh. Rada kaget euy, naha bet aya Pa Érté keur macul di sawah Abah. Mun keur kuli, da henteu rumasa nitah. Naon urusanana deuih, mangmaculkeun sawah batur!”
“Teras kumaha, Bah?”
“Silaing deui baé geuning nu boga gawéna téh!” pokna bari muncereng.
“Muhun, Bah. Sawah téh digadékeun ka Pa Érté, keur nebus televisi téa!”
“Kasebelan. Cik atuh ka kolot téh, mani taya euih-euihna. Tapi da ayeuna mah geus ditebus deui ku Abah!”
“Étah, geuning?”
“Geus ayeuna mah, mun aya pangabutuh montong maling-maling tukangeun. Nyarita ka Abah, naon héséna!”
“Tuh, nya!” ceuk kuring bari ngarérét ka pamajikan. Pamajikan tibang jebi.***

28 September 2009

Sangkuriang

Sumber :http://su.wikipedia.org/wiki/Gunung_Sunda

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda Luncat ka: pituduh, sungsi  

      Sangkuriang atawa Sang Kuriang nyaéta sasakala anu asalna ti Tatar Sunda. Sasakala kasebut nyaritakeun jadina situ Bandung, Gunung Tangkuban Parahu, Gunung Burangrang sarta Gunung Bukit Tunggul. Tina sasakala kasebut, urang bisa nangtukeun geus sabaraha lila urang Sunda hirup di dataran luhur Bandung. Dumasar kana legenda kasebut anu dirojong ku fakta géologi, totorah yén urang Sunda geus hirup di dataran ieu puluhan rebu taun saméméh Maséhi. Sasakala Sangkuriang mimitina mangrupa talari lisan. Rujukan tulisan ngeunaan legenda ieu aya dina naskah Bujangga Manik anu ditulis dina daun palem anu asalna ti ahir abad ke-15 atawa mimiti abad ke-16 Maséhi. Dina naskah kasebut ditulis yén Pangeran Jaya Pakuan nu boga landihan Pangéran Bujangga Manik atawa Ameng Layaran ngadatangan tempat-tempat suci agama Hindu di pulo Jawa sarta pulo Bali dina ahir abad ke-15. Sanggeus ngalakonan lalampahan panjang, Bujangga Manik anjog ka tempat anu ayeuna jadi dayeuh Bandung. Manéhna jadi saksi mata anu mimiti nuliskeun ngaran tempat ieu reujeung sasakalana. Laporanana nyaéta saperti kieu: Leumpang aing ka baratkeun datang ka Bukit Patenggeng Sakakala Sang Kuriang Mangsa dek nyitu Ci tarum Burung tembey kasiangan  

Sangkuriang 
        Dumasar kana sasakala kasebut, dicaritakeun yén Raja Sungging Perbangkara indit moro. Di tengah leuweung Sang Raja miceun cai mani anu murag kana daun "cariang" (taleus leuweung). Hiji babi leuweung bikang nu ngaranna Wayungyang anu keur tatapa hayang jadi manusa nginum cai mani tadi. Wayungyang reuneuh sarta ngalahirkeun orok nu geulis. Orok geulis éta dibawa ka karaton ku bapana sarta dibéré ngaran Dayang Sumbi landihan Rarasati. Réa raja anu ngalamar DayanG Sumbi, tapi saurang ogé euweuh anu ditarima. Tungtungna para raja silih perangan. Dayang Sumbi nyingkurkeun diri ka hiji pasir dibaturan ku hiji anjing jalu nyaéta si Tunmang. Sabot keur uplek ninun, toropong anu keur dipaké ninun kaén ragrag ka handap. Alatan ngarasa haroréam capé, Dayang Sumbi ngucapkeun kecap-kecap anu teu dipikir panjang leuwih tiheula, manéhna jangji yén saha ogé anu mangnyokotkeun toropong anu ragrag lamun lalaki baris dijadikeun salakina. Si Tumang mangnyokotkeun toropong kasebut sarta dibikeun ka Dayang Sumbi. Dayang Sumbi ahirna ngajadikeun si Tumang salakina sarta ahirna ngalahirkeun orok lalaki nu dibéré ngaran Sangkuriang. Sabot Sangkuriang keur moro di jero leuweung, manéhna nitah si Tumang pikeun ngudag babi bikang Wayungyang. Alatan si Tumang henteu nurutkeun, mangka dipaéhan ku Sangkuriang. Haté si Tumang ku Sangkuriang dibikeun ka indungna anu tuluy diasakan sarta didahar ku Dayang Sumbi. Sanggeus Dayang Sumbi nyaho yén anu didahar téh haté si Tumang, manéhna kacida ambekna sarta nakol sirah Sangkuriang ku siwur anu dijieun tina batok anu ngabalukarkeun tatu. Sangkuriang indit ngumbara ngurilingan dunya. Sanggeus sakitu lila leumpang ka wétan ahirna manéhna mecenghul di kulon sarta tanpa sadar geus anjog deui ka padumukan Dayang Sumbi. Sangkuriang henteu apal yén putri geulis anu kapanggihna nyaéta Dayang Sumbi – indungna. Sangkuriang jeung Dayang Sumbi silih pikaasih sarta silih mitresna. Tanpa ngahaja Dayang Sumbi nempo urut tatu dina tarang Sangkuriang sahingga nyaho yén Sangkuriang téh anakna sorangan sarta megatkeun tali asih. Cacak kitu Sangkuriang tetep memaksa ngajak lakirabi ka Dayang Sumbi. Tungtungna Dayang Sumbi ménta sarat nu pamohalan kacumponan nyaéta sangkan Sangkuriang mangnyieunkeun parahu sarta situ dina waktu sapeuting ku cara mendet walungan Citarum. Sangkuriang nyanggupan ieu sarat. Mangka Sangkuriang nyieun hiji parahu tina hiji tangkal anu tumuwuh di béh wétan, tutunggul tangkal éta robah jadi gunung Bukit Tunggul. Régangna ditumpukkan di palebah kulon sarta jadi Gunung Burangrang. Ku bantuan para guriang, bendungan ampir réngsé dipigawé. Dayang Sumbi reuwas, terus mendeko munajat ka Sang Hyang Tunggal ambéh maksud Sangkuriang henteu kabiruyungan. Dayang Sumbi ngahibar-hibat heulayan boéh rarang (lawon bodas hasil tinunanna), anu temahna ngahasilkeun cahaya caang jiga panonpoé nu rek meleték di béh wétan. Sangkuriang jadi ambek, dina puncak amarahna, bendungan anu aya di Sanghyang Tikoro dibedol, cocok (tutup) kamalir walungan Citarum dialungkeunana ka arah wétan sarta ngajanggélék jadi Gunung Manglayan. Cai Talaga Bandung ogé jadi surut deui. Parahu anu dipigawé kalawan hésé capé ditalapung ka arah kalér sarta robah wujud jadi Gunung Tangkuban Parahu. Sangkuriang terus ngudag Dayang Sumbi anu dumadakan ngiles di Gunung Putri sarta robah jadi sagagang kembang jaksi. Sedengkeun Sangkuriang sanggeus nepi ka di hiji tempat anu disebut Ujungberung tungtungna ngiles ka alam gaib (Ngahiyang).  

Kaluyu jeung fakta géologi 
           Sasakala Sangkuriang luyu jeung fakta géologi ngeunaan kabentukna situ Bandung sarta Gunung Tangkuban Parahu.Koesoemadinata, R. The Origin and Pre-history of the Sundanese, Institute of Technology Bandung. Panalungtikan géologis mutahir némbongkeun yén sésa-sésa talaga purba geus 125 rébu taun. Situ kasebut jadi garing 16000 taun katukang. Di ieu wewengkon, Gunung Sunda purba geus dua kali ngarandapan bitu dina wanda bitu Plinian nyaeta dina 105000 sarta 55000-50000 taun katukang. Bitu plinian kadua geus ngaruntagkeun kaldéra Gunung Sunda purba sahingga nyiptakeun Gunung Tangkuban Parahu, Gunung Burangrang (disebut ogé Gunung Sunda), sarta Gunung Bukit Tunggul. Hal ieu ngabuktikeun yén karuhun Sunda geus nempatan dataran luhur Bandung sarta nyaksian bitu Plinian kadua anu nyapu padumukan palebah kulon walungan Citarum (kalér sarta kulon situ Bandung) salila période bitu dina 55000-50000 taun katukang waktu Gunung Tangkuban Parahu kabentuk tina sésa-sésa Gunung Sunda buhun. Mangsa ieu téh mangsana homo sapiens; maranéhanana geus kanyahoan hirup di Australia kidul dina 62000 taun katukang, sawaktu jeung Manusa Jawa (Wajak) nu hirup kira 50000 taun katukang. 

Sangkuriang jeung Falsafah Sunda Pedaran ti abah Surya 
         Numutkeun abah Surya sandiasmana abah Hidayat Suryalaga, urut Réktor Itenas Bandung, sasakala Sangkuriang dimaksudkeun pikeun jadi munara cahya (Sungging Perbangkara) pikeun saha ogé manusana (tangkal cariang) anu masih bingbang ku éksisténsi (ayana) dirina sarta hayang manggihan jatidiri kamanusaanana (wayungyang). Hasil tina panyungsian ieu baris ngalahirkeun kereteg haté (nurani) sabagé kabeneran nu sajati (Dayang Sumbi, Rarasati). Tapi lamun henteu dibiruyungan kalawan ati-ati sarta kasadaran nu pinuh/éling (toropong), mangka dirina baris dikawasa ku rasa kabingbang anu teu eureun-eureun (dikawasa ku si Tumang) anu baris ngalahirkeun égo anu hayang meunang sorangan, nyaéta jiwa anu tacan kacaangan (Sangkuriang). Mangsa Sang Nurani kakawasa deui ku kawaswas (Dayang Sumbi ngadahar haté si Tumang) mangka musnah kasadaran anu sajati. Rasa hanjakal anu kaalaman Sang Nurani dilakonan ku cara merangan kaadigungan rasio Sang Égo (sirah Sangkuriang ditakol). Kaadigungan ogé anu mangaruhan “Sang Égo Rasio” pikeun ngajauhan sarta ninggalkeun Sang Nurani. Tétéla kaadigungan Sang Égo Rasio anu hésé capé néangan élmu (kacerdasan inteléktual) salila pangumbaraanna di dunya (nuju ka arah wétan), tungtungna balik ka kulon anu sacara sadar atawa henteu sadar sok ditéang sarta dipikasono nyaéta Sang Nurani (Pasamoan Sangkuriang jeung Dayang Sumbi). Cacak kitu, tétéla ngahijina antara Sang Égo Rasio (Sangkuriang) jeung Sang Nurani anu kacaangan (Dayang Sumbi), henteu sagampang anu dikira. Kalayan mawa bekel élmu pangaweruh anu geus dikawasana Sang Égo Rasio (Sangkuriang) kudu sanggup nyieun hiji kahirupan sosial anu dumasar kana kaasih jeung kanyaah, interdepéndensi – silih asih-asah sarta silih asuh anu humanis harmonis (kamanusan nu salaras), nyaéta hiji talaga kahirupan sosial (nyieun situ Bandung) anu dicicingan ku sagala rupa kumpulan manusa kalawan rupa-rupa parangina (Citarum). Samentara éta, jatidiri nu sagemblengna ogé kudu dijieun ku Sang Égo Rasio sorangan (dijieunna parahu). Ayana Sang Égo Rasio éta ogé henteu leupas tina sajarah dirina, aya tunggul anu jadi asal muasalna (Bukit Tunggul, tangkal sajarah) saprak ti mimiti gumelar (wétan, tempat mimiti medalna kahirupan). Sang Égo Rasio ogé kudu némbongkeun éksisténsi dirina (tutunggul, pananda diri) sarta dina panungtunganana manéhna ogé baris miboga turunan anu kabiruyungan dina masarakat nu baris datang sarta hiji mangsa kabéhana bakal lekasan diteleg ku sang waktu jadi satumpuk tulang (gunung Burangrang). Matak hanjelu lamun tétéla harepan pikeun ngahijina Sang Égo Rasio jeung Sang Nurani anu kacaangan (ampir ngadahupna Sangkuriang jeung Dayang Sumbi), gagal alatan kaburu aya titik ahir, ahir kahirupan (boéh rarang atawa lawon kafan). Ahirna takdir anu tumiba ka Sang Égo Rasio ngan saukur rasa hanjakal anu kacida sarta ambek ka “dirina”. Mangka kaadigungan rasio dirina ditalapung, jadi waé saurang manusa transéndéntal nu nangkuban nyeungceurikan kasangsaraan anu tumiba kana dirina (Gunung Tangkubanparahu). Cacak kitu, lantaran sang Égo Rasio masih ngarasa panasaran, diudagna terus Sang Nurani anu kacaangan nu dipidangdam (Dayang Sumbi) kalayan harepan bisa luluh ngahiji antara Sang Égo Rasio jeung Sang Nurani. Tapi tétéla Sang Nurani anu kacaangan ngan némbongkeun diri jadi saksi laku-lampah anu kungsi lumangsung sarta karandapan ku Sang Égo Rasio (kembang Jaksi). Panungtungan carita nyaéta mangsa datangna kasadaran lekasanana kaadigungan rasiona (Ujungberung). Kalayan kasadaranana ogé, dicabut sarta dialungkeunana cocok dominasi kaadigungan rasio (gunung Manglayang). Mangka kiwari kabuka saluran prosés komunikasi anu sopan jeung saha ogé (Sanghyang Tikoro; babasan: Hadé ku omong goréng ku omong). Sarta kalayan imeut, dijaga pisan kadaharan anu asup kana beuteung teh ngan anu halal beresih sarta méré mangpaat.  

Pedaran ti bah Engkus Ruswana 
           Numutkeun bah Engkus Ruswana, salah saurang inohong Sunda, Sangkuriang asal tina kecap Sang Kuring atawa Ingsun. Gubragna Sangkuriang ka dunya hasil kawin si Tumang jeung Dayang Sumbi ku alatan taropong murag. Taropong hartina toropong nyaéta alat pikeun nempo sangkan leuwih taliti, écés tur museur. Tumang téh mangrupakeun anjing hideung tapi bangus jeung buntutna konéng. Dumasar kana simbul-simbol warna dina palsapah kasundaan, hideung perlambang bumi/lemah nu ngabogaan sifat kateguhan, katetepan, pengkuh, sedengkeun konéng ngalambangkeun angin sifatna kadunyaan. Jadi tina wujud Tumang ngandung harti ieu carita perkara dunya jeung nu nuturkeun/turun ka dunya (manusa) nu mangrupakeun katetepan ti nu Maha Kawasa. ”Tumang” tina basa kawi hartina hawu atawa dapuran seuneu anu ogé ngandung maksud hawa napsu, sedengkeun ”dayang” nyaéta sebutan keur awéwé, harti lianna asal tina kecap dangiang/dahyang nu hartina bangsa lelembut atawa halus. Dayang bisa ogé dihartikeun asal tina kecap dang (= dangdang) jeung hyang (= suci = déwa). Sumbi nyaéta seuseukeutna katimang (sing seukeut nya nimang), sedengkeun upama dipenggel ngandung harti wujud diri (sum = sumsum = acining; bi = awéwé = ibu pertiwi = bumi). Jadi Dayang Sumbi ngandung harti sing seukeut tinimangan, kudu lantip dina nyungsi harti ngaguar rasa kanyahokeun sing taliti yén wujud diri téh hakékatna suci nu asal tina acining ibu pertiwi/bumi nu kaancikan ku napsu (Dayang Sumbi kawin ka si Tumang). Palebah dieu nyata kalinuhungan luluhur urang Sunda dina milih kecap pikeun ngalarapkeun pasangan hawa napsu jeung wujud waruga, ogé bisa luyu jeung harti lian nu masangkeun harti hawu jeung dangdang. Dayang Sumbi tetep geulis awét jaya, upama disungsi bakal nganyatakeun yén ti jaman ayana manusa di dunya tepi kaayeuna wujud diri manusa téh tetep geulis, pantes teu robah strukturna, manusa teu bisa nyieun wujud, sok sanajan tepi ka wujud geus paréot, ilaharna teu aya manusa nu hayang ninggalkeun warugana, malahan tetep dipikacinta dipikaasih, ku kuringna. Dina palsapah/kapercayaan Sunda nétélakeun yén Sang Kuring atawa Ingsun lain sifat ragawi/lahir, ogé lain sifat rohani/batin, tapi anu dilahiran jeung dibatinan. Ingsun (kuring)mangrupakeun dat suci nu asal ti Gusti Nu Maha Suci nu sapanjang di alam dunya ngancik dina wujud manusa sakuringna-sakuring na. Gumelarna ingsun ka dunya ngaliwatan cukang lantaran indung bapa nu dina carita ngaliwatan indung nu ngaran Dayang Sumbi sarta bapa nu ngaran Tumang. Di dunya Ingsun ngancik dina wujud waruga/diri nu asal tina acining/ saripati dunya (dayang Sumbi), kulantaran kitu hawa napsu salawasna marengan Sangkuriang (Tumang sok ngintil marengan). Mun teu aya hawa napsu nu marengan raga, tinangtu moal aya kahirupan di dunya jeung moal aya ingsun nu gumelar ka dunya. Kusabab éta waktu si Tumang di paéhan Dayang Sumbi kacida benduna, nu hartina lamun hawa napsu dipaéhan tangtu kapentingan raga kaluli-luli nu balukarna bakal leungit kahirupan manusa di dunya (sawang kumaha balukarna mun sarupaning napsu dahar/nginum, napsu gawé, napsu birahi, napsu pikeun ningkatkeun diri jeung napsu-napsu lianna dipaéhan, tinangtu kahirupan di dunya bakal punah), matak dina élmu Sunda mah teu aya ajaran pikeun maéhan napsu, ngan tangtu kudu dikadalikeun, manusa sunda teu meunang ngasingkeun diri ninggalkeun urusan dunya. Hirup ingsun di dunya kudu ngabogaan élmu hasil ngasah jeung olah pikir dina uteukna nu mancar dina gawé nu rancagé, nu dina carita disimbulkeun sirah Sangkuriang ditakol ku sinduk tepi ka pitak. Sangkuriang maksa hayang kawin ka Dayang Sumbi ngandung harti, yén kulantaran Ingsun asal ti Gusti nu hakékatna suci, tinangtu ngabogaan rasa jeung tanggungjawab pikeun nyalametkeun diri/waruga asal ti dunya nu diancikanana sangkan salamet kukuh mituhu teu ingkar tina papagon kamanusaan, ku cara ngamanunggalkeun kuring jeung kurungna dina hiji parahu nu sahaluan sapanjang ngumbara ngalakonan kahirupan di dunya (parahu pikeun lalayaran di talaga). Dina ngalaksanakeun gawéna, Sangkuriang dibantu ku Guriang Tujuh (= Guru hyang tujuh), maksudna tujuh pangawasa suci nu asal ti Gusti nu ngancik dina diri manusa, nyaéta : pangawasa/gerak- langkah, pangersa/kadaék, hirup, pangrungu/déngé, awas, pangandika/ ucap, pangangseu/ambeu, nu jadi guru jati manusa pikeun nganyahokeun, ngarasakeun, nyaksikeun kaayaan dunya jeung pangeusina, lain cenah lain béja estuning dirasakeun ku sorangan sakuringna-sakuringna. Pon kitu deui digunakeun pikeun ngalalakon kahirupan di dunya jeung ngudag kahayang/cita-cita sarta ningkateun harkat jeung martabat dirina. Boéh rarang dibeberkeun jeung dikelebetkeun dicaangan obor, nyimbulkeun akal pikiran nu dicaangan ku élmu/katerang/ kanyaho nu ditembrakkeun/ dikibarkeun atawa diwujudkeun dina kahirupan (gawé akal pikiran). Lisung tutunggulan nyimbulkeun napsu nu ngagolak (gawé rasa/napsu), sedengkeun hayam jago pating kongkorongok ngalambangkeun kasombongan jeung katakaburan, nepak dada ngarasa ieu aing jago. Élmu spiritual Sunda ngajéntrékeun yén aya tilu unsur dina diri manusa nu bisa ngawasa kana pamaréntahan diri, nyaéta kakuatan akal/pikiran, kakuatan rasa/napsu, jeung kakuatan jati ingsun. Dina perkara ieu ingsun kudu bisa ngadalikeun akal-pikiran jeung rasa/napsu (ingsun jadi supir/nahoda) . Lamun akal pikiran jeung rasa napsu geus miheulaan ingsun (Sangkuriang kabeurangan lantaran boéh dioboran jeung lisung tutunggulan nu terusna kongkorongok), tangtu kuring jeung kurung teu bisa kawin (teu bisa manunggal), balukarna hirup manusa lir ibarat parahu nangkub (Tangkubanparahu) teu bisa dipaké ngalakonan kahirupan di dunya (lalayaran di talaga) nu didumasaran ku ajén luhung kamanusaan jeung kasucian, tungtungna ngan bati hanjelu kaduhung sagedé gunung ibarat tunggul (Bukittunggul) , haté nalangsa ngarangrangan ngarasa hirup euweuh ajén (Burangrang) . Tapi sok sanajan batal kawin, ku lantaran ngarasa boga kawajiban salila gumelar di dunya, Ingsun (kuring) teu weléh ngudag-ngudag supaya kurung bisa dikawin, nu kadangkala deukeut, kadang jauh (Sangkuriang ngudag-ngudag Dayang Sumbi). 

Intisari papatah nu dibéwarakeun:  
            Sasakala Sangkuriang nyaritakeun kahirupan manusa nu gumelarna ka dunya mangrupakeun papastén ti Nu Maha Kawasa ngaliwatan cukang lantaran indung jeung bapa. Ingsun ngumbara di dunya ngagunakeun raga nu asal tina saripati dunya, nyaéta acining bumi, acining cai, acining angin/hawa jeung acining seuneu ngaliwatan kadaharan jeung inuman nu dikonsumsi, napas jeung panas nu diserep. Kulantaran raga asal tina saripati dunya, nya tangtu timbul napsu-napsu dina diri manusa nu asal ti dunya, sedengkeun gumelarna ingsun ka dunya ogé ngaliwatan raga nu ngabogaan napsu, sabab mun teu aya napsu tangtu moal aya kahirupan di dunya, kulantaran éta teu meunang maéhan napsu, tapi kudu dikadalikeun sangkan teu kabetot ku kadunyaan. Élmu Sunda teu ngajarkeun manusa pikeun tatapa ninggalkeun urusan dunya, sabab éta hartina sarua jeung nu ngaleungitkeun hakékat kamanusaanana. Keur kahirupan di dunya ingsun kudu motékar nempa diri sangkan luhung ku élmu jembar ku pangabisa, tapi kudu inget Ingsun lain urang dunya sabab asal ti Nu Maha Suci nu tangtu ngabogaan kawajiban pikeun ngaping jeung ngajaga diri sangkan sagala tékad, ucap jeung léngkah teu ingkar tina papagon kamanusaan jeung kasucian (kawin/manunggaling kuring jeung kurung). Dina raraga ngawulaan kabutuhan raga/kurung, ingsun(kuring) ngagunakeun tujuh Pangawasa Gusti nu ngancik dina dirina, nyaéta pangawasa, pengersa, hirup, pangrungu, pangandika, awas jeung pangangseu (guriang tujuh). Kadé masing taliti, yén dina diri manusa téh aya tilu kakuatan nu bisa maréntah diri, nyaéta akal-pikiran, rasa-napsu jeung jati ingsun sorangan. Dina perkara ieu, ingsun nu kudu jadi nahoda ngadalikeun akal-pikiran jeung rasa-napsu pikeun kaperluan ingsun ngalakonan kahirupan di dunya, sabab lamun akal-pikiran jeung rasa-napsu geus miheulaan ingsun bakal timbul kasombongan adigung-adiguna nu ngabatalkeun manunggalna kuring jeung kurung pikeun ngahontal kahirupan di dunya nu didumasaran kamanusaan jeung kasucian. Mun nyana kitu lir ibarat parahu nangkub anu balukarna bakal kaduhung jeung ngarasa hirup euweuh hartina, tungtungna haté ngarangrangan nalangsa saendengna. Kulantaran kitu, mangkahadé upama can bisa kawin, ingsun ulah eureun ngudag-ngudag kurung sangkan bisa manunggal.  
Rujukan
  1. Koesoemadinata, R. P., "Asal Usul sarta Prasejarah Ki Sunda", Sub theme" "Widang Kajian Sajarah, Arkeologi sarta filologi", in Ajip Rosidi et.al (editor: Edi S.Ekadjati and A.Chaedar Alwasilah). 
  2. Hidayat Suryalaga, Kajian Hermeneutika ka Legenda sarta Mitos Gunung Tangkubanparahu kalawan sagala aspékna, Hidayat Suryalaga, Orasi Ilmiah sabot Poé Wisuda Mahasiswa ITENAS, Bandung, 28 Méi 2005. 
  3. Mardiwarsito, L., "Kamus Jawa Kuna -Indonesia", Nusa Indah, 1985. 
  4. Winter Sr, C. F., Ranggawarsita, R. Ng., "Kamus Kawi-Jawa", Gajahmada University Press, 1991. 
  5. Satjadibrata, R., "Kamus Basa Sunda", Kiblat.

Gunung Sunda jeung Tangkuban Parahu

Gunung Sunda
Ti su.wikipedia.org Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Gunung Sunda
Jangkung 1854m
Perenah Bandung, Jawa Barat

Gunung Sunda nyaeta salasahiji gunung nu kiwari aya di wewengkon Bandung, Jawa Barat, Indonésia. Gunung Sunda nu aya kiwari, babarengan jeung Gunung Tangkubanparahu sarta Gunung Burangrang, mangrupakeun pasesaan Gunung Sunda (purba) nu kungsi bitu dina jaman prasajarah. Bituna Gunung Sunda (purba) oge geus nyababkeun kawangunna kaldera Sunda.

Gunung Sunda jeung carita Sangkuriang

Ayana gunung Sunda henteu bisa dipisahkeun tina Sasakala Sang Kuriang (Sangkuriang). Cutatan sajarah ngeunaan Sakakala Sangkuriang aya dina Naskah Bujangga Manik. Bujangga Manik[1] nyutat lalampahannana di wewengkon anu kakoncara ku sasakala Sangkuriang saperti kieu:

Leumpang aing ka baratkeun
datang ka Bukit Patenggeng
Sakakala Sang Kuriang
Masa dek nyitu Ci tarum
Burung tembey kasiangan

Dina sasakala Sangkuriang, dicaritakeun yen Dayang Sumbi nyieun akal supaya Sangkuriang henteu ngawin anjeunna. Dayang Sumbi menta Sangkuriang sangkan manehna nyieun talaga (dano) jeung parahu dina waktu sapeuting. Liwat tengah peuting dano geus jadi sedengkeun parahu ampir jadi. Dayang Sumbi nyieun akal deui; lawon bodas (boeh larang) hasil ninun anjeunna diabar-abar make kakuatan gaib sangkan kaciri beureum siga cahaya panonpoe. Sangkuriang, anu ngarasa kabeurangan, ambek pisan, parahu ditalapung tepi ka nangkub. Parahu nangkub eta jadi gunung Tangkubanparahu. Sesa bahan parahu anu kari tunggul jadi Bukittunggul. Sedengkeun rangrang (ranting) sesa tangkal ngagunung jadi gunung Burangrang.

Sasakala Sangkuriang diturunkeun ti hiji generasi ka generasi saterusna sacara lisan pikeun ngawartakeun yen di wewengkon sakuliah gunung Tangkuban Parahu kiwari teh baheulana kungsi aya dano, kungsi aya gunung bitu waktu peuting (seuneu tengah peuting anu caangna siga cahaya panon poe waktu isuk) anu disusul ku munculna gunung Tangkubanparahu, Bukittunggul jeung Gunung Burangrang.

Kronologi kajadian dina sasakala Sangkuriang akur pisan jeung hasil panalungtikan para ahli geologi ngeunaan Gunung Sunda, jeung Dano Bandung.
[édit] Rekontruksi Gunung Sunda

Ceuk para ahli geologi jeung ahli geografi, di antara gunung Tangkubanparahu jeung gunung Burangrang aya hiji lengkob anu ngarupakeun dasar kaldera anu disebut dasar kaldera Sunda. Dina eta lengkob, aya Situ Lembang, anu sisi kulonna diwatesan ku dingding anu manjang mimiti Lawangangin terus melengkung ka kalereun Situ Lembang. Eta dingding teh mangrupa sesa kaldera Gunung Sunda (purba).
Meunang nyeken tina buku Sundalana Seri 6 terbitan 2007

Meh tungtung kaler ti eta dingding, aya congcot nu dingaranan Gunung Sunda, luhurna 1.854 meter ti beungeut laut (tbl.), hiji congcot leutik di satengah geulang dingding kaldera Gunung Sunda. Ieu congcot teh lain gunung Sunda anu sabenerna tapi sesa ti gunung anu leuwih gede anu geus bitu. Gunung Sunda anu sabenerna mah diwangun ku awak gunung anu dasarna ± 20 km., sarta luhurna ditaksir leuwih ti 4.000 m. lbl.
Meunang nyeken tina buku Sundalana Seri 6 terbitan 2007

Bisa jadi luhur Gunung Sunda (purba) nu sabenerna leuwih ti taksiran eta, sabab, umumna gunung anu bitu nepi ka ngawangun kaldera nu jadi kawah pohara gedena lolobana mah ngancurkan dua pertilu awak gunungna. Lamun kaayaan ayeuna congcot pang luhurna 2.080 meter tbl., hartina eta teh ngan sapertiluna ti luhurna Gunung Sunda. Dua pertiluna deui nyaeta bagian gunung nu ambrug waktu eta gunung bitu. Ku kanyahoan luhurna hiji gunung, eusi gunung jadi bakal kapanggih, geus kitu mah urang bisa manggihan darajat rongkahna bitu hiji gunung.

Dina mangsa prasajarah, kira-kira 105.000 – 10.000 taun katukang, Gunung Sunda (purba) kungsi bitu ngaluarkeun gas gunungapi anu pohara kuatna, disebut tipeu plinian. Bitu gunung tipeu ieu mah nyababkeun matrial gunungapi disemburkeun ka wewengkon anu pohara jauhna, nepi ka Citarum kiduleun Rajamandala kasaeur. Matrial gunungapi ieu mendet susukan Citarum Purba, anu ngakibatkeun jadina dano Bandung.

Gunung Sunda bitu kadua kalina dina kira-kira 10.000 - 5000 tahun ka tukang. Matrial gunungapina harita keneh geus ngubur wewengkon anu lega pisan. Leuweung geledegan anu aya mangsa harita, anu kaina sagede-gede dreum, kakubur bareng jeung mahluk hirup nu aya di dinya, sato vertebrata badag siga badak, uncal, jeung hippopotamus (kuda nil) nu keur ngareueum di ranca-ranca kiduleun Rajamandala anu jauhna ± 35 km ti gunung Sunda. Areng kai saukuran dreum kapangih di pangalaan keusik di Ciseupan – Cibeber, Cimahi Kidul. Di dinya pisan aya tangkal kai anu geus jadi areng ngagaloler ngarah datangna awan panas.[2]

Ku sabab loba matrial ti jero gunung anu dikaluarkeun waktu eta gunung bitu, bagian jero gunung jadi kosong. Hal ieu anu nyababkeun ambrugna sabagian gede awak Gunung Sunda, ngawangun kawah anu pohara legana, anu nelah disebut kaldera Gunung Sunda.

Ti sisi wetan kaldera mucunghul gunung anyar, nyaeta Gunung Tangkubanparahu.

Kaayaan alam sabudeureun Gunung Tangkubanparahu kiwari geus mimiti ruksak alatan tingkah pola manusa anu henteu nyaah ka alam. Ku kituna, aya upaya ti Pamarentah pikeun ngabalikkeun deui kaayaan alam ka asalna ku cara ngajadikeun ieu wewengkon Taman Nasional.

Carita Gunung Guntur

Carita di handap mangrupa salinan tina Volksalmanak Soenda (1920).


Ayeuna rek nyaritakeun asal mulana Gunung Agung, atawa Gunung Guntur nu matak urug.

Ari asalna éta gunung, disebutna lain Gunung Guntur atawa Gunung Agung, tapi Gunung Kutu ngaranna.

Waktu Sunan Rangga Lawé, jeneng ratu di Timbanganten, nagarana di Korobokan, kagungan sadérék istri hiji, jenenganana Maharaja Inten Déwata; éta téh rakana Sunan Rangga Lawé anu saibu sarama.

Ari éta Maharaja Inten Déwata, henteu kersa calik di nagara, kersana midusunan baé, ngan aya saurang anu ngiring ka Maharaja Inten Déwata, pangasuhna lalaki enggeus kolot kacida, ngaranna Batara Rambut Putih.

Kacarios Sunan Rangga Lawé, keur dideuheusan ku para mantri, ponggawa jeung para abdi-abdi kabéh, Papatih unjukan, "Jisim abdi mendak pisitueun teu kinten pisan saena, ku emutan, upami geus didamelan situ téh, tegalan sadayana tangtos seep dianggo sawah. Ari nu kagungan éta pisitueun, raka Gusti, Maharaja Inten Déwata."

Sunan Rangga Lawé ngadawuh, "Gampang, lamun kitu mah." Lajeng miwarang hiji mantri, dawuhanana, "Manéh, ayeuna kudu leumpang ngadeuheusan ka Aceuk, dipiwarang ku aing, nyuhunkeun éta pisitueun bade ditambak, dijieun situ, sabab réa pihasileunana. Los, manéh geura leumpang." Kacaturkeun éta mantri ka bumi Maharaja Inten Déwata, cong nyembah, bari gék diuk. Mariksa Maharaja Inten Déwata ka éta mantri, "Dipiwarang naon ku Gusti manéh?"

Mantri unjukan, "Abdi dipiwarang ku rai gamparan manawi terang manah, éta pisitueun disuhunkeun bade didamel situ."

Wangsulna Maharaja Inten Déwata, "Unjukkeun ka gusti manéh, éta pisitueun hamo dihaturkeun, sabab aing euweuh deui nya kabetah di tanah Korobokan téh, ngan di dieu pisan. Lamun éta dijieun situ, tangtu kakeueum lembur aing. Los, mantri geura balik." Ti dinya mantri tuluy wangsul.

Barang datang ka nagara, tuluy diunjukkeun sadayana, sadawuhan Maharaja Inten Déwata; dawuhan Sunan Rangga Lawé, "Kajeun ari teu dilelerkeun mah."

Heubeul ti heubeul, réa abdi-abdi nu laleutik arunjukan ku manéh, hayang didamel éta situ, supaya abdi-abdi baroga sawah kabéh.

Kacarios Sunan Rangga Lawé, dua tilu kali miwarangan neda éta pisitueun, henteu baé dilelerkeun ku rakana, henteu tiasa maksa Sunan Rangga Lawé, tina sabab isin ku raka. Aya sahiji mantri anu pangkolotna, unjukan ka Sunan Rangga Lawé, "Abdi mah heran ku Gusti, henteu nyaah ka abdi-abdi anu laksa rebu, bet ajrih ku raka istri, ari pamiraos jisim abdi, Gusti téh jeneng Ratu di Timbanganten, teu aya nu leuwih ageung ti Gamparan, sanajan raka oge kaereh kajiwa bumi ku Gamparan. Naha Gamparan beunang dihalang-halang, lamun kitu mah, di Timbanganten téh aya ratu dua, hiji istri hiji pameget."

Sunan Rangga Lawé sanggeus ngadangu piunjukna mantri, langkung-langkung benduna, ngaraos yen enya éta sapihatur mantri, lajeng ngadawuh, "Ayeuna kumpulkeun abdi-abdi kabéh, pada marawa pacul reujeung parabot nu rek nyitu poé ayeuna, urang tambak."

Abdi-abdi, sanggeus meunang timbalan, sumawonna anu ngadenge, nu teu ngadenge oge nyeueung nu marawa pacul jeung pangali, jelema rewu laksa budal ti lemburna, nuturkeun ka baturna nu loba. Kacarios Sunan Rangga Lawé angkat kuanjeun, barang sumping ka pisitueun, tuluy nimbalan, saurna, "Geura prak geura pigawé."

Gancaning carita, éta situ anggeus ditambakna. Malah-malah caina enggeus leber ka lembur, Maharaja Inten Déwata kaliwat ngenes manahna, kusabab raina nganggo sawenang-wenang. Maharaja Inten Déwata asup ka bumi, nyandak kekemben hiji, raksukan hiji. Lajeng angkat ngajugjug ka sahiji gunung leutik, anu deukeut ka Gunung Kutu, anu katelah ayeuna Gunung Putri, sabab dianggo eureun ku Putri Maharaja Inten Déwata.

Sanggeus aso, lajeng ngadawuh ka Batara Rambut Putih, “Ayeuna, Aki nyieun jolang eukeur wadah cai jeung nyokot taneuh sakeupeul, aing deuk naék ka Gunung Kutu.”

Matur Batara Rambut Putih, “Gusti, rek ngersakeun naon angkat ka Gunung Kutu?”

Nyaur deui Maharaja Inten Déwata, “Teu dék naon-naon, aing mah ngan hayang nyaho baé ti éta luhur gunung.”

Batara Rambut Putih tuluy nyieun jolang, sarta dieusian cai jeung taneuh sakeupeul. Lajeng Maharaja Inten Déwata naék ka Gunung Kutu. Sasumpingna ka puncak éta gunung, tuluy éta taneuh sakeupeul diawur-awur dina luhur gunung reujeung cai anu sajolang téa dibahekeun. Sanggeus dibahekeun, Maharaja Inten Déwata lungsur ti luhur Gunung Kutu ka Gunung Putri. Batara Rambut Putih henteu tinggal. Pada harita keneh, poék mongkleng buta rata di Tanah Timbanganten.

Henteu lila jumegur dina pucuk Gunung Kutu, seuneu ninggang kana imah, loba jelema nu paraéh, sato hewan pararaéh, imah kahuru; liwat saking ruksakna nagara Korobokan. Jelema anu henteu katinggang, anu jauh ti nagara Korobokan, kalabur sakira-kira teu katepi ku seuneu jeung ku batu. Gunung Kutu beuki gedé seuneuna, beuki loba batuna anu kaluar, malah gunung anu antel ka Gunung Kutu pada obah kabéh.

Dina waktu harita, jalma-jalman menak, kuring, sakalangkung pisan sarusaheunana, tina manggih bahla sakitu gedéna, dina jero opat puluh poé, opat puluh peuting, henteu ngingetkeun kana salamet, ingétanana anu araya, saperti kiamat baé, tina ningal sakitu poharana loba pisan karuksakanana. Malah dina waktu harita, abdi-abdi nu henteu katinggang urug, kalaburna masing-masing nu ngétan, ngulon, ngalér, ngidul, geus teu ngurus raja bandana, saperti nu kabur ka Bandung, ka Cianjur, ka Karawang jeung ka séjén nagara; éta réa pisan nu teu baralik deui ka nagara Korobokan. Tuluy baé ngalumbara, nepi ka turun tumurun ka anak incuna; ari nagara Timbanganten mah, ngan dijieun itung-itung nagara pusaka baé, turunan ti karuhunna.

Sunan Rangga Lawé enggeus ngaraos salirana balai sakieu gedéna, tangtu ti rakana, ti Maharaja Inten Déwata datangna. Énggal kaluar Sunan Rangga Lawé ti nagara Korobokan, dék néangan rakana Maharaja Inten Déwata. Ngajugjug ka Gunung Putri, katingali Maharaja Inten Déwata ngadeg dina batu. Sunan Rangga Lawé gagancangan moro ka rakana. Sanggeus patepang, Sunan Rangga Lawé ngarangkul kana sampéanana, tobat sarta nangis, neda dihampura sagala kalepatanana. Tuluy dihampura ku Maharaja Inten Déwata. Tanda geus dihampura, seuneu anu hurung pareum, sora anu pating beledug répéh, batu anu cara hujan datangna tina luhur gunung leungit kabéh. Sanggeus kitu, Sunan Rangga Lawé matur ka rakana, “Sumangga, Aceuk, ayeuna urang mulih ka Nagara.”

Maharaja Inten Déwata nyaur, “Aceuk mo balik deui ka Nagara, deuk nurutkeun kahayang ati baé, jeung baring supagi ieu gunung jadi deui cara kieu petana, nyebut baé ngaran Aceuk jeung ngaran Aki Batara Rambut Putih, salamet mo aya kitu kieu, masih jadi oge.”

Maharaja Inten Déwata jeung Batara Rambut Putih sanggeus sasauran musna ti payuneun Sunan Rangga Lawé; henteu kacarios ka mana angkatna atawa di mana calikna.

Sanggeus Maharaja Inten Déwata musna, Sunan Rangga Lawé mulih ka nagara Korobokan. Tapi Sunan Rangga Lawé, sasumpingna ka Nagara, hanteu weleh nyandang sesah, tina sabab abdi-abdina ampir seep sadayana; salianna tina katindih ku urug, nyaeta pada kalalabur kabéh, parindah ka séjén nagara, ka séjén tempat. Jadi di nagara Korobokan roncong teu aya jelema, sumawonna sasatoan, kuda, munding, embe, domba, atawa hayam, seep paraéh katinggang urug. Ti wates éta, Gunung Kutu dilandih ngaranna, sawareh anu nyebut Gunung Agung, sawareh deui anu nyebut Gunung Guntur.

Ari gunung leutik, urut Sunan Rangga Lawé tobat ka rakana, katelah nepi ka ayeuna ngaranna Gunung Putri. Ari situ, anu disituan ku Sunan Rangga Lawé, katelah ngaranna disebut Situ Taman, di Timbanganten.

Salebeting carita, jalma nu paéh mangsa harita, katinggang ku batu, kakubur taneuh jeung keusik, jeung katinggang seuneu, réana aya sawelas rewu, ari rupa sato hewan tujuh rewu. Ari nagara Korobokan jeung kampung-kampungna, anu katutup ku taneuh jeung ku batu, nu katelah ayeuna Tegal Urug. Ari nagara Timbanganten, nyaeta dialihkeun ka Tarogong, anu nelah nepi ka jaman ayeuna Distrik Tarogong; éta nagara pusaka ti jaman baheula.

Sakitu cariosna Gunung Kutu, nu matak kaluar seuneu nepi ka jaman ayeuna.

Retrieved from "http://wikisource.org/wiki/Carita_Gunung_Guntur"

27 September 2009

haha 2

Asal Ulah Maca Mangle
Bu Tikeu tos ngalahirkeun dioprasi caesar, sabot ngantos damang anjeunna karesel ngagoler wae.
"Dok, kenging bari maca?"
"Mangga wae, asal ulah maca Mangle."
"Naha Dok?"
"Bilih kabaca barakatakna bahaya, engke kaputan tilas oprasi na patuangan tiasa udar deui"
Bu Tikeu ngadon tipepereket nahan piseurieun.

M. Arsya

Kantong Canggih
Para pakar disainer kantong di nagara Manaboa ngayakeun gempungan pikeun nyiptakeun hiji produk kantong nu canggih tur serbaguna di antarana: nu bisa dipake balanja, anti air, bisa dipake tiung lamun hujan, tilam diuk lamun darurat, fleksibel teu gagarubang, bisa ditilep disakuan, teu ngerakeun lamun dibawa apel ka kabogoh, teu matak kabita rampog atawa jambret, bisa didaur ulang, trendi tur murah pisan hargana.
Sanggeus adu reyom, debat meunang tujuh poe tujuh peuting ahirna juri mupakat wae hasilna eta kantong teh dingaranan: KANTONG KERESEK HIDEUNG.

M. Arsya

Stress
Di rohangan tunggu rumah sakit.
Pasen 1: "Kasawat naon Pa?".
Pasen 2: "Asam urat, rumaos seueur teuing wisata kuliner"
Pasen 1: "Ari bapa kasawat naon?"
Pasen 3: "Kolestrol, rumaos abi oge ari dahar teh kudu wae jeung gule, sate, jeung sop buntut."
Pasen 1 nanya ka Bapa Ontohod: "Ari Abah kasawat naon?"
Bah Ontohod: "Stress Ujang."
Pasen 1: "Ngemutan naon atuh Bah dugi ka stress kitu?"
Bah Ontohod: "Rumaos teu kacumponan hayang barang dahar ngeunah."

M. Arsya

Nyieun Kalimah
Bu Guru: "Syarif jieun kalimah make kecap edan."
Syarif: "Aden adina Idan tatangga Udin rada edan, da dismekdon ku Si Adun."
Bu Guru: "Ayeuna maneh Aden make kecap syaraf."
Aden: "Syarif ahli sorof, suruf rada syaraf da disirep ku tukang sirop."
Bu Guru: "Aralus."

Nurul Hidayah
Madrasah Aliyah Yaspin
Jl. Pesantren No. 26
Cibolong Kidul Cisaat
Sukabumi - Jawa Barat
43152

Motto Mangle
"Kumaha mun motto Mangle teh kieu wae atuh, MENDING NGAGAKGAK BATAN NGAGUKGUK!"

Ati Wulandari
Jl. Moh. Ali No.85
Kec. Ciranjang - Cianjur 43282

Beuki Murah
"Kalender teh beuki dieu beuki murah!"
"Na kumaha kitu?"
"Nya pan baheula mah kalender teh dua rebu tujuh, terus dua rebu... dalapan ayeuna mah geus dua rebu salapan!"

Ati Wulandari
Jl. Moh. Ali No.85
Kec. Ciranjang - Cianjur 43282

Iding: "Naon sababna motor teu meunang asup ka jalan tol?"
Odong: "Sabab meunang asup ka jalan tol mah kandaraan nu gilindingna opat atawa leuwih cara mobil."
Iding: "Salah."
Odong: "Sabab kitu aturanana meureun?"
Iding: "Salah."
Odong: "Ari ceuk ilaing naon alesanana?"
Iding: "Sabab ditumpakan ku jelema. Da mun teu ditumpakan mah teu nanaon. Tenjo we ku ilaing ningan sok aya treuk mawa motor asup ka jalan tol, ku pulisi ge teu dikitu kieu."
Odong: "Heueuh, nya!"

Fendy Sy. Citrawarga - Bandung

Jiga
Uus: "Pa, ari kingkong teh jiga naon?"
Bapa: "Anu jiga Oa ngan gede!"
Uus: "Ari Oa jiga naon?"
Bapa: "Anu jiga monyet!"
Uus: "Anu jiga monyet naon?"
Bapa (kesel): "Jiga indung maneh...!"
Uus: "Maaah... Ieu geura yeuh ceuk Si Bapa, Mamah jiga monyet!"
Bapa: "Na ari siiiaaa... ka kolot teh!"

Hikmat

Akibat Bingung
Aya pamuda tukang mabok keur dipapatahan ku ustad.
Ustad: "Yeuh, ulah mabok wae atuh, haram deuleu. Maneh nyaho teu mun akibatna loba nginum?"
Pamuda: "Terang...!"
Ustad: "Naon akibatna teh?"
Pamuda (teu kireum-kireum): "Beser...!
Ustad (ngaleos): "Abong nu keur mabok."

Hikmat

Beusi
Aso: "Abdi teh atlet lari Bah... hoyong tiasa lumpat tarik sareng bedas kumaha tah cara sareng saratna?"
Bah Omeng: "Euh... jadi maneh teh hayang bisa lumpat tarik jeung bedas?"
Aso: "Sumuhun Bah, kumaha tah?"
Bah Omeng: "Gampil eta mah Cu... saratna mah ngagegel beusi geura!"
Aso: "Ngagegel beusi?"
Bah Omeng: "Enya... sok geura tingali kuda oge ngagegel beusi, lumpatna tarik jeung bedas!"
Aso (na hate): "Kasebeleun siah hanas jauh-jauh aing ka dieu!"

Hikmat

Saliwang
Aki jeung nini keur ngobrolkeun incu na anu turunan indo.
Aki: "Nini, incu teh mani kasepnya abong turunan... ngan hanjakal bet digundul. Saha ngarana teh Aki mah poho deui?"
Nini: "Oooh... eta Si Luis."
Aki: "Luis... luis nanahaon geus puguh gundul euweuh buukan!"
Nini: "Euh dasar nu saliwang..."

Hikmat

Ngetik
Budi: "Silaing mah Gus, mani "jadul" pisan! nyieun karangan diketikna ku mesin tik biasa! ku komputer atuh, da ayeuna mah geus canggih. Sagala ge ku komputer!"
Agus: "Enya make komputer! Dicolokeun kana irung silaing! Da puguh ka lembur urang mah can aya listrik...!" (bari terus ngetik dicaangan ku lampu cempor!).

Agus B. Irawan
Kp. Cisarua RT 02/16 Desa Neglasari
Cisompet - Garut 44174

Cita-cita
Guru: "Sakur jelema pasti boga cita-cita. Cing Jan, ari cita-cita hayang jadi naon?"
Ijan: "Hoyong janten dokter, supados tiasa tutulung ngalandongan nu teu damang."
Guru: "Alus tah! ari Abud, hayang jadi naon?"
Abud: "Abdi mah hoyong janten tentara! Supados tiasa bela nagara!"
Guru: "Hade oge! Cing ari Itok, hayang jadi naon tah cita-cita teh?"
Itok: "Eueuh, abdi mah hoyong janten pangarang! Supados... pinter ngabohong!"
Guru: "Heueuh da eta pagawean maneh, purah ngabohong."

SMP Haratis
Kardun: "Cenah sakola SMP Negri teh haratis, tapi budak kuring mah teu bisa asup."
Kirdun: "Naha bisa kitu?"
Kardun: "Ceuk kepala sakolana mah pedah SD-na teu lulus."
Kirdun: "Nya heueuh atuh, jadol teh hanas didengekeun."

Zeni - Dago

Pisah Ranjang
Budi: "Bejana pisan ranjang jeung pamajikan?"
Arip: "Heueuh euy..."
Budi: "Aya masalah naon kitu, pan anyar kawin lin?"
Arip: "Eta boga risbang dua. Naasna teh duanana reyod, teu bisa disarean ku duaan. Sono-sono ge kapaksa kudu misah ari rek reup sare mah.
Budi: "Oh... sugan teh."

Zeni - Dago

Siga Munding
"Bener euy hirup mah kudu siga munding!"
"Nya kunaon kitu make jeung kudu nyonto ka sato sagala?"
"Geus kabuktian loba jelema anu tuturut munding."

Moh. Iqbal - Cimahi

Muringkak Bulu Punduk
Bubun: "Sangkan teu boga panyakit ngompod kumaha nya?"
Dani: "Gampang atuh hayang teu sieunan ku jurig mah."
Bubun: "Gampang kumaha?"
Dani: "Tingal ka warung meuli silet."
Bubun: "Terus?"
Dani: "Geus aya silet kerokkeun kana bulu punduk, beres."
Bubun: "Heueuh nya..."

Moh. Iqbal - Cimahi

Sumber : Majalah Mangle

Hahahaha.....

Dulurna

Incu: "Ki, ari puting beliung teh dulurna puting susu sanes?"
Aki: "Ngahuleng!"

Ati Wulandari
Jl. Moh. Ali No.85
Kec. Ciranjang - Cianjur 43282

Si Horeng Teh

"Si horeng teh lain ngan saukur aya kawin massal jeung korupsi massal wungkul tapi aya geuning kasurupan massal nu anyar keneh di Jember, Jawa Timur!"

Ati Wulandari
Jl. Moh. Ali No.85
Kec. Ciranjang - Cianjur 43282

Sarua Bolonna

Budak 1: "Kuring mah teu ngarti ku indung kuring, unggal kuring menta dahar jeung sambel sok dicarekan wae"
Budak 2: "Meureun we da lada atuh sambel mah... hayoh deuih nyeri beuteung!"
Budak 1: "Ah da tara lada-lada teuing sambelna oge!"
Budak 2: "Naha atuh?"
Budak 1: "Ngan kitu... mun dahar jeung sambel teh kuring mah kudu aya wae lalabna, dagingna, atina, jeung endogna!"
Budak 2: "Bener aneh nya indung maneh mah?"

Hikmat

Wartawan

Pipik: "Geus gawe naon maneh ayeuna, asa jarang panggih?"
Aso: "Jadi wartawan euy... sibuk!"
Pipik: "Ah... euweuh duitan wartawan mah!"
Aso: "Kajeun ah... jeung deui wartawan mah tugasna neangan berita lain neangan duit!"
Pipik: "Ih, ari maneh teu bisa diajak heureuy!"

Hikmat

Bejana

"Bejana majalah tempo disiomay ku Aburijal Bakri?"
"Lain disiomay atuh. Disomasi kitu!"

Ena Rs
Sidamulya, Bj. Gedang, Rch.

Gagah

Horeng Si Mandra teh najan artis manehna mah gagah. Eta we sok aya paribahasa sakti mandraguna.

E Ena Rs
Sidamulya, Bj. Gedang, Rch.

Teu Kabikeun

Mang Turdi baheula mah sok maen kuda lumping. Tapi geus lila eureun. Pangna eureun cenah lantaran kuda lumpingna teu beukieun deui beling, hayang wae huut. Ari huut pan kudu meuli. Kalah matak bondos. Diantep. Paeh we si kuda lumping teh.

Ena Rs
Sidamulya, Bj. Gedang, Rch.

Salah Sangka

Kuted: "Heran kuring mah euy, unggal nu ngaliwat ka handapeun tangkal kadu kuring, sok ngarandeg heula. Tuluy tanggah... kabitaeun meureun nya?"
Cumlun: "Lain kabitaeun tanggah teh, ulah waka salah sangka!"
Kuted: "Lamun lain kabitaeun naon atuh?"
Cumlun: "Sieuneun kaduna ninggang kana hulu... deuleu, sok ajaran ku maneh!"
Kuted: "Oooh... kitu, sugan teh!"

Hikmat

Pegat

Izal: "Pegat... pegat...!"
Noer bari lumpat: "Aya naon? Aya bangsat? Lumpat ka mana bangsatna?"
Izal: "Sanes bangsat, ieu bohlam pegat!"
Noer: "Ari maneh, ngareureuwas wae kolot keur sare teh, bohlam pegat wae kudu gogorowokan sagala?"
Izal: "Sieun... atuda poek!"

Hikmat

Pangalaman Menarik

Incu: "Naon tah Ki, pangalaman menarik aki keur ngora baheula?"
Aki: "Nu puguh mah harita teh aya mobil tiguling ka jurang  tuluy ku aki rame-rame jeung babaturan ditarik nepika mobil bisa ka angkat deui ka tonggoh. Eta we meureun pangalaman menarik aki mah jang!"

Ence Sumirat
Perum Kota Baru
Blok C3 - 32 Kec. Cisaku
Cianjur 43285

Pajabat Teras

"Basa aya pajabat teras ti Legok Nyentil ngalongok ka Mang Doing, salah saurang tokoh oposisi ti Barisan Leklok alias Balok tangtuna oge Mang Doing ngaku pisan ka semah bari pokna teh, mangga lebet ka bumi". Ngadenge kitu pajabat teras teh kompak ngajawab, mangga. Teu kedah ka lebet pajabat teras mah ceukap we calikna oge dina teras!"

Ence Sumirat
Perum Kota Baru
Blok C3 - 32 Kec. Cisaku
Cianjur 43285

Balik Deui

Obed: "Jelema jaman ayeuna, hususna dikalangan para artis awewe, tetela geuning loba anu baralik deui ka jaman maranehna keur orok!"
Unen: "Na kumaha kitu?"
Obed: "Heueuh, bareto mangsa maranehna keur orok henteu areraeun bubulucunan atawa ditaranjang ukur mamake cawet jeung kaos sangsang. Ayeuna sanggeus maranehna dewasa, bubulucunan deui wae nembong-nembongkeun..."
Unen: "His ari taun teh! Pan ilaing ge resep ka nu kitu teh, lin?"

Agus B. Irawan
Kp. Cisarua RT 02/16 Desa Neglasari
Cisompet - Garut 44174

Gajih Buta

Kabayan: "Pantesna Si Kardun tereh pisan beungharna, da cenah sok ngahakanan gajih buta!"
Iteung: "Iyyy...! Lain, dikumaha ngalana nya, pan buta teh bangsa jurig alias dedemit, lin?"

Agus B. Irawan
Kp. Cisarua RT 02/16 Desa Neglasari
Cisompet - Garut 44174

Rumah Makan "Wilujeng Sumping"

Sanggeus datang deui di Papua, sobat kuring urang Papua asli nyaritakeun pangalamannana ka kuring sakulawarga salila utrak-atrek di Bandung.
Sobat: "Bapa, salami kuring tingali di Bandung meh unggal poe dahar di rumah makan wilujeng sumping. Geuning urang bareto kungsi dahar di dinya!"
Kuring (bari seuri): "Yeuh Pa, itu mah rumah makan Sindang Reret... lain wilujeng sumping."
Sobat: "Ari eta unggal urang asup ka dinya, geuning aya tulisan wilujeng sumping; naon hartina?"
Kuring: "Pa, ari wilujeng sumping teh hartina selamat datang keur ngawilujengkeun atawa ngabageakeun ka nu ngadon daratang ka dinya."
Sobat: (bari mabuk sirahna) "Oh... ada harus... sa pikir juga... ko banyak sekali rumah makan wilujeng sumping?" (Oh... paingan... ceuk pikir teh, geuning rumah makan wilujeng sumping teh mani di unggal tempat aya...!)

Endang M. Suhandanie - Jayapura

Abong Budak

Ibu 1: "Budak kuring mah teu beukieun dahar jeung bihun."
Ibu 2: "Naha?"
Ibu 1: "Eta majarkeun teh buuk ninina diasakan."
Ibu 2: "Abong budak nya..."

Lala Latifah - Tasikmalaya

Sakola Pertanian

Pa Dudung: "Abong sakola pertanian nya, nanaon teh pasti wae hubunganana teh jeung tatanen."
Pa Dani: "Nya naon kitu?"
Pa Dudung: "Itu budak nu keur sakola di jurusan pertanian meunang beasiswa ti kampusna..."
Pa Dani: "Alus atuh meunang beasiswa mah, batur mah pahayang-hayang."
Pa Dudung: "Nyaeta oge katarimana mah, ngan ari sangkaan teh bakal duit atawa bebas biaya kuliah."
Pa Dani: "Ari kitu naon?"
Pa Dudung: "Budak kuring mah meunang Beas wae dua karung."
Pa Dani: "Nya meureun da milihna jurusan pertanian, coba mun jurusan nu lain mah."

Sumber : majalah-mangle.com ku Lala Latifah - Tasikmalaya

Nu Nyangheuy Luhureun Tonggong

Ku: Rosad R

Bada magrib sapedah dames merek Philip dikaluarkeun ti dapur. Reueus boda sapedah made in England, ditatap diusap, diberesihan, sora piriwilna lemes.

"Rek ka mana Pa?" kuring rada ngarenjag barang pamajikan nanya teh.
"Ohhh... eta... rek ka ondangan."
"Ka ondangan ka mana?" pamajikan nanya deui.
"Ka dinya ka gedong pertemuan Chung Hua Chung Hui di Pasar Jumat, aya pintonan kasenian, ngawakilan Kapala Sakola. Bubuhan tatangga meureun, jadi weh diondang."
"Ati-ati atuh Pa, liar peuting." ceuk pamajikan teh.
"Enya...," ceuk kuring bari, ngaleos mancal sapedah muru ka jalan Ciung.

Harita teh tanggal 30 September 1965, mimiti acara tabuh 07.00 peuting. Barang sup ka tempat upacara, hareupeun SD Chung Hua di lapangan basket. Geus loba jalma daratang, dariuk dina korsi. Lampu caraang, ngan sakuriling lapang teh make pager kawat, jadi jalma nu teu meunang ondangan mah teu bisa asup, cukup lalajo luareun pager.

Diuk teh jajaran kadua, ngarumasakeun kuring mah lain pajabat rek diuk jajaran kahiji teh, bisi salah teu meunang (biasa keur para inohong), pan lamun diusir teu ngeunah kana burihna.

Beres biantara, panitia nuluykeun kana acara hiburan kasenian rupa-rupa. Eta wae dina bewara teh rek aya orkes, tari, deklamasi, jeung pintonan drama. Memang kuring teh kaasup nu resep kana pintonan drama, itung-itung sakola nempo ketakna batur. Sabab kabeneran kuring oge boga grup seni drama anu ngagabung dina organisasi LESBUMI (Lembaga Seniman Budayawan Muslimin Indonesia) nu dipayungan ku NU (Nahdatul Ulama), nu harita can  jadi partey politik.

Runtuyan acara pintonan kasenian, meunang pangbagea ti panongton ku ramena nu keprok upama acara kasenian manggung. Ngan palebah pintonan drama anu pamungkas, samemeh breng teh, aya bewara heula ti panitia yen lumangsungna pintonan drama ieu dirojong jeung dikokojoan ku pakumpulan LEKRA (Lembaga Kebudayaan Rakyat). Kuring ngarenjag ngadenge kecap Lekra. Hah... Lekra... teg wae dina pikiran teh, boa... boa... yeuh... barang prung oge pintonan drama. Enya wae dina dialogna teh loba nyabit-nyabit ngagorengkeun agama Islam, jeung ngagorengkeun pamarentah.

Nu lalajo mah meureun loba nu teu ngarti, kana maksud caritaanana teh, pokona mah rame, dipasieup ku bodor beuki rame, jalma beuki ngangseg arasup ka jero lapang basket.

Ceuk pikir teh, ah mending balik ayeuna bisi aya naon-naon, asa teu pararuguh kieu rarasaan teh. Bari nuyun sapedah kuring kaluar tina pagaliwota jalma nu lalajo.

Bener we, barang kuring ka luar heuleut memenitan. Harita teh tabuh 12.00 peuting kurang 5 menit, aya sora tembakan. Lampu pareum. Hadena we sapedah teh aya berkoan, jadi bisa nempo jalan, buru-buru dikebut bisi aya kajadian.

Sora jelema ngaguruh pabaliut, loba nu tingberebet lalumpat, mapay jalan nu poek mongkleng eukeur mah langit ceudeum, pinuh ku pepedut wungkul pihujaneun sabroeun pisan.

Nepi ka imah tabuh 12.10 peuting. Ngetrokan panto, sigana pamajikan mah geus sare. Ngan kacaangan ku lilin di tengah imah, beres ngasupkeun sapedah jeung ngoncian panto, tuluy ngagoloyoh ka kamar, tunduh pisan katambah listrik can hurung keneh wae.

Bada subuh pamajikan mah kaprak-keprek di dapur, kuring mah beberes enggon, sasapu. Pangangguran nyetel radio merek philip buatan taun 1947, lumayan sorana ngoncrang keneh, radio listrik meunang meuli Rp.3.000,- ti urang Palered. Beres lagu-lagu perjuangan, dituluykeun kana warta berita ti RRI Pusat Jakarta.

Dina eta bewara, yen tadi peuting di Jakarta, tabuh 12.00 peuting geus aya kudeta, nu maksudna rek ngarebut pamarentahan nu sah nu didalangan ku PKI.

RRI dikawasa ku PKI. Presiden Soekarno diamankeun ka Istana Bogor, ieu teh ku kaparigelan benteng nagara RPKAD pingpinan Kolonel Sarwo Edi Wibowo. Tapi usaha PKI gagal, sabab sistim GTM (Gerakan Tutup Mulut) gagal paburencay, nepi ka bingung saha nu kudu tanggung jawabna. Sanajan gagal, usaha PKI, tapi geus hasil nyangkalak tujuh jendral tiwas sapada harita nu kapanggih di sumur Lubang Buaya.

Kaayaan nagara genting. Pamarentah saheulaanan dipercaya ka Mayjen Soeharto salaku Pangkostrad. Kaayaan werit kitu mangaruhan kana kaayaan pulitik nagara, ekonomi, sosial, budaya bangsa nu geus dikokojoan ku PKI pingpinan Aidit. Nerekeb ka unggal  lembaga pamarentahan ti pusat nepi ka daerah ku metodena: di atas gunung di bawah jurang, di atas mendukung di bawah menyerang.

Dina kaayaan kitu, memeres nagara lain pagawean enteng. Merlukeun tanaga pikiran, mulangkeun deui kapercayaan rayat ka pamarentah. Dimana rayatna geus dikiruhan ku pulitik nyangkalak ti tukang nepi ka rayat teh, antukna silih curiga.

Paingan ceuk pikir teh, sarua geuning di Purwakarta oge, tabuh 12.00 peuting pareum listrik jeung aya tembakan. Sigana mah geus aya komando ti pusatna.

Tabuh 07.00 isuk-isuk kuring ka pasar Rebo, make sapedah. Maksud rek meuli kupat tahu. Pagaliwota jalma, balawiri nu kaluar asup pasar biasa saperti poe-poe sejen, jadi kuring ka pasar oge biasa wae, teu aya curiga naon-naon.

Sapedah di parkirkeun hareupeun Mang Oyib nu dagang sirop hareupeun pasar. Jetrek sapedah dikonci, biasa wae tarapti. Barang ngalengkah aya sora tembakan. Berebet... berebet... dor... dor. Kuring bingung. Jalma pabaliut nyalametkeun diri sewang-sewangan. Katambah kawat listrik paregat katembak ku peluru bren. Listrik pareum. Sugan teh enggeusan tembakan teh, kalahka mahabu.

Sulusup kuring nyumput dina tumpukan karung pacampur jeung carangka wadah cau. Ahhh... pokona mah salamet ceuk pikir bari peureum. Sora tembakan disada deui. Asa keur jaman revolusi perang jeung Walanda.

Keur anteng kitu, karasa aya nu ngagabrug nindihan awak kuring. Bari marurung siga nu reuwas. Teu ditempo saha-sahana. Ngan nu puguh mah kuring ditindihan ku awewe.

Dina kaayaan kitu, aya wae perasaan, ahhh... untung yeuh dirontok ku awewe, haneut eungap oge, teu dirasa. Kuring make kameja bodas. Lain parasaan haneut wungkul, tapi aya nu haneut baseuh kana bujur. Katambah aya nu ngeclak beureum maseuhan kameja bodas. Ceuk taksiran mah, wah boa-boa katembak yeuh. Pangangguran dicabak tuluy diambeuan. Tapi teu bau getih.

Barang kuring ngagurinjal, guprak gigireun aya nu ngagebut. Tulung cenah. Dilieuk aya nini-nini make samping kebat, baju kabaya hideung ngabulaeh nyeupah.

Wah ieu geuning nu beureum napel dina baju teh, cai seupah geuning. Jadol... bujur baseuh diambeuan hangseur. Si nini ngompol kana bujur kuring. Hanas geus atoh dikeukeupan awewe, singhoreng nini-nini tukang dagang lotek, sieuneun kabedil, ngarontok ka kuring. Ah... dasar keur apes, aya-aya wae Si nini.

Barang balik teh, boro-boro meuli kupat tahu, soak nu aya jaba baju bareureum kaompolan deuih. Didongengkeun teh ka pamajikan, akey-akeyan wae nu aya bari rambay cipanon.***