Ditulis ku Syam Ridwan | |||
"Lamun manéh jadi Christian Vieri anu kamari ngasupkeun 2 gol ka gul Senegal... Cik manéh nék kumaha?" Ibro nanya ka Junéd.
"Ari déwék mah euy... Nék mantuan tim Maung Bandung méh teu kéok waé!" témbal Junéd.
"Ari manéh Japra?" Ibro nanya ka si Japra.
"Lamun
déwék kawas manéhna... Jagoan maén bal, beungeut kasép, awak jalugjug
jangkung... Déwék mah nék néangan pamajikan wé unggal lembur... Sugan
wé atuh anak déwék anu lalaki jarago méngbal. Atuh lamun awéwé gareulis
rupana indo jaradi pamaén sinetron... Tah kitu, euy!"
"Ari manéh, Kardun?"
"Ah
déwék mah moal parna teuing ngalamun téh... Bisi gélo euy... Ieu gé
mikiran hutang rantuy di unggal warung geus satengah gélo... Komo deui
mikiran nu kitu, nambahan meureun jadi tilu parapat gelo..!!!"
Sumber : urangsunda.net
|
Kasusah jeung kapeurih, ulah jadi lantaran pikuen peunggas harepan. Sabab, sagala rupa bangbaluh kahirupan ge bisa diungkulan. Carana, taya lian kudu datang atawa tatamba ka ahlina. Tirta Kusumah kaasup salah saurang ahli spiritual nu geus kasohor nu bisa ngungkulan rupa-rupa bangbaluh hirup teh. Nu penting urang percaya jeung ngarasa yakin, sagala bangbaluh bisa disinglarkeun.
Gusti Alloh mah, moal rek ngarobah nasib diri manusa, lamun manusana henteu daek ngarobah nasibna sorangan. Tapi lamun geus di takdirkeun ku Gusti Alloh mah, urang moal bisa kukumaha deui, iwal ti kudu narimakeunana kalawan ikhlas, ulah ngarasula. Samemeh takdir datang, taya salahna upama urang bisa ngarobah nasib, ku jalan ihtiar heula. Ulah cicingeun, bari jeung teu aya daya jeung upaya pisan. Piraku lamun urang geus ikhtiar mah, nasib teh bakal tetep bae, moal robah-robah. Saeutikna mah, tangtu bae bakal aya robahna. Nasib moal langsung bisa robah saratus dalapan puluh darajat. Tapi saeutik-saeutik. Nu penting urang kudu percaya jeung yakin ka Gusti Alloh nu ngatur kahirupan di alam dunya ieu.
"Insya Allah, sagala rupa bangbaluh ge tiasa diungkulan, asal urangna percaya jeung yakin leres-leres ka Gusti Nu Maha Suci, nu masihan rejeki ka manusa," ceuk Tirta Kusumah salah saurang ahli spiritual, anyar-anyar ieu.
Lamun urang keur nandangan kasusah, ceuk Tirta Kusumah deui, karasana teh sok susah rek menyat deui. Malah kasusah teh taya sudana, hirup asa diganggayong, nepi ka sakapeung mah sok matak jadi aral, jadi penggas harepan. Sabab hese ngungkulanana, malah bakating ku aral kahayangna mah, umur teh buru-buru dipundut ku Gusti Nu Maha Suci bae.
"Tangtu bae cara kitu teh salah pisan," pokna deui.
Lamun tukang dagang di pasar hese ka payuna atawa kaom wanoja hese meunangkeun jodona. Ibu rumah tangga di imah remen papaseaan jeung salakina atawa salakina salingkuh jeung awewe sejen, urang ulah cicingeun bae. Tapi kudu bisa ikhtiar, kudu ditarekahan, sangkan dagang di pasar bisa payu atawa kaom wanoja bisa buru-buru meunang jodona. Salaki di imah ge bisa jadi betah kumpul ngariung, tara salingkuh deui. Narekahan ieu teh, kudu ka ahlina. Nya, salah sahijina mah, ka Tirta Kusumah.
"Abdi oge parantos aya kana tilu kalina ka Pa Tirta teh," ceuk Saepulah, 27 taun, urang Jl Dengdek, Sayati hilir Kabupaten Bandung.
Biasana Saepulah teh datang babarengan jeung Asep sobatna. Tapi harita mah ngan sorangan, sabab Asep teu bisa datang aya halangan. Saepulah teh sapopoena dagang Batagor ngurilingan perumahan Margahayu Kencana Kabupaten Bandung. Manehna tatamba ka Tirta Kusumah, pedah hayang dagangna payu. Tapi sanggeus tatamba ka Tirta Kusumah mah, lain bae ngan saukur hayang payu dagang wungkul, manehna ge kalah ka hayang terus diajar jadi paranormal sagala.
"Malihanan abdi teh, ayeuna mah parantos tiasa ngalandongan nyalira sareng ngalandongan tatanggi nu caketna," ceuk Sapulah deui.
Bisana jadi paranormal teh, ceuk Tirta Kusumah mah, sanggeus samemehna dibuka heula pendamping goib nu aya dina diri Saepulah. Pendamping goib ieu teh, sok disebut oge kembaranana. Tiap jalma ge ngabogaan pendamping goib atawa khodam, ngan aya nu aktip, aya oge nu pasip. Lamun khodamna pasip, kudu diaktipkeun heula. Kudu dibuka ku ahlina. Tah, lamun geus dibukakeun pendamping goibna, pokna deui, urang bakal bisa ngubaran diri sorangan jeung bisa jadi paranormal. Ngubaran batur, boh ngubaran kasakit medis boh kasakit non medis.
"Lamun tenaga dalam Reiki, chikung jeung tenaga dalam sejenna mah, urang teh kudu latihan heula, tapi mukakeun pendamping goib mah, bisa langsung harita keneh," pokna.
Langsung Bisa
Pengobatan tradisional jeung paranormal, kiwari teh memang ceuyah. Teu di kampung, teu di kota, loba nu muka praktek. Aya nu nyumput, aya oge nu terang-terangan, ngahaja nyieun plang pengobatan. Pikeun jadi ahli kana pengobatan teh, aya oge turunan, aya oge nu ngahaja diajar heula ka ahlina. Geus bisa, kakara muka praktek sorangan.
Naha tiap jalma bisa oge jadi paranormal? Ceuk Tirta Kusumah mah, sakabeh jalma ge bisa jadi paranormal. Bisa ngubaran keur dirina sorangan, asal bae pendamping goibna dibukakeun heula ku ahlina. Diajar jadi paranormal, sarua jeung diajar elmu tenaga dalam, reiki, chikung jeung sajabana. Samemeh bisa ngawasa elmu tanaga dalam teh, ku guruna dibukakeun heula. Ngarah gampang diajarna.
"Mukakeun pendamping goibna teh, teu lami, teu nyoceng waktos dugi ka satengah jamna, parantos tiasa diajar langsung, tiasa ngalandongan," ceuk Tirta Kusumah.
Nu daratang tatamba ka Tirta Kusumah, lain bae nu hayang diajar jadi paranormal, hayang neuleuman elmu goib, tapi aya oge nu hayang payu dagangna, hayang buru-buru meunang jodo, supaya rumah tanggana tentrem, ulah pakucrut jeung rea-rea deui.
"Upami kasawat medis nu tatamba ka dieu, seuseueurna mah kasakit kencing manis, tumor sareng kangker," pokna deui.
Ari nu jadi mediana, ceuk Tirta Kusumah mah, nyaeta cai doa, ditambah ku ramuan tradisional. Ubar asli ti kampung, lain buatan pabrik gede tina bahan-bahan kimia. Aman didaharna, tanpa aya epek samping.
Di Luar Rencana
Pikeun Tirta Kusumah, jadi ahli pengobatan tradisional, ahli spiritual teh, estu diluar rencana. Sabab tadina mah jadi guru, malah kungsi ngajar, ngahonor di SMP 38 Bandung sagala. Kulantaran teu diangkat bae jadi pagawe nagri, ahirna ngundurkeun diri.
"Tibatan ngaligeuh, taya salahna pangabisa kana ngubaran dimekarkeun deui, sangkan leuwih husu," ceuk Tirta Kusumah.
Ti keur ngora keneh, Tirta Kusumah teh kaasup jalma balantrak. Remen ngider ka unggal pasantren, boh nu aya di daerah Cicalengka, Banten, Madura, Kediri jeung daerah sejenna. Neuleuman elmu agama Islam, spiritual jeung doa-doana, sangkan bisa ngubaran keur tutulung ka batur.
"Alhamdulillah, hasil ngaprak teh, ayeuna abdi tiasa ngalandongan, tiasa nulungan pasen-pasen nu sumping ka dieu," pokna.
Pasen nu tatamba ka Tirta Kusumah, unggal poe ge sok aya bae, boh pasen ti daerah Bandung, boh di luar daerah, utamana mah ti daerah Garut, Bogor, Subang jeung daerah sejenna.
Pelet Mani Gajah
Pikeun melet jalma nu dipikaresep, sangkan kairut, kabandang ku manehna, mediana teh rupa-rupa jeung araraneh. Neanganana ge hese pisan, lamun lain ku ahlina mah. Saperti pelet ala Tirta Kusumah, mediana teh mani gajah. Ngahaja meunang meuli ti Lampung, nu hargana sagramna teh puluhan juta.
"Mani gajah teh, sae pisan kanggo melet," ceuk Tirta Kusumah medarkeun pangalamanna ka MANGLE. (Wanem/02)
Sumber : Majalah mangle